NGANTI DAWUH
© Karna Yudibrata
Keurna jumeneng kénéh, Bapa kungsi papatah. Lain papatah kétah meureun pibasaeunana téh amanat. Harita indung geus wuwudon, ngan gering jeung gering baé. Jompo taya towongna. Ceuk nu nyarahoeun kana kalakuan indung kuring keur ngora mah majarkeun teu kabadi linggis, weureu gawé. Da éta waé indung kuring mah teu pédah awéwé, teu matak ngahalangan nugar tuluy ngaguntur pisawaheun keur dordar gelap. Éstuning, getol jeung getol pisan ngabebera pisawaheun. Indit poék datang poék, taya hujan taya panas, ari geus dek digawé nyekel gagang pacul boh linggis boh parang téh sok hésé pukahna deui. Indung jeung Bapa usaha sataker kebek, banting-tulang lain omong bobohongan. Nya teu anéh lamun aya nu nyebut boga pa-kaya ti wétan panganggangna, ti kulon pangpojokna, da jeung nyatana. Di sadésa kuring mah taya dua, taya tilu, ngan hiji-hijina nu kasebut beunghar tani mah. Beunghar sotéh mungguh cék ukuran di kampung kuring nu jauh ka kota; cacak mun ayana di kota mah meureun moal neng-gang-nenggang teuing.
Kolot kuring ngarasa jeung yakineun, yén ngan gawé anu geus bisa ngajait nasibna téh. Nya gawé anu jadi sumber kamulyaanana téh. Ti dinya mataholang karaharjaanana téh tina gawé. Gawé nu geus bisa ngawaris nanaon ka turunan-ana. Malah mun aya nu nanyakeun keuna henteuna pari-basa: mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngoprék moal nyapék, tinangtu indung-bapa kuring bakal tandes pisan ngaheueuhan jeung ngabenerkeun éta paribasa. Malah bisa jadi tuluy umangkeuh geus milu ngahirupkeunana. Da enya atuh keur kolot kuring mah, kajeun teuing panas tong-gong tibatan kudu panas beuteung. Lantaran geus karan-dapan inya, yén sagala pahala teu henteu gubrag ragrag ti langit tapi kudu katukeuran heula ku gawé, ku meuseuh manéh ku paéh poso meres tanaga jeung pikiran. Bapa katut indung kuring yakineun deuih, yén ngan gawé anu geus bisa natah lawang kabagjaan jeung ngukir milik nangtukeun suka-duka kahirupanana téh. Ku kayakinan éta, hayang, aranjeunna ngawariskeun riwayat hirupna nu geus ditulis ku mangsi-késang-gawé ka anak incuna. Da saenyana atuh anu bisa ngawariskenn tapak cukcrukeun jeung tuluykeun-eun anu téh hasil gawé. Nu ngedul mah boro-boro bisa ngawaris, dalah keur sadirieun dirina gé tangtu moal mahi.
Inget kénéh harita téh Bapa sasauranana dina dipan bari ngurutan sampéanana ku cuka lebu. Clom nganclomkeun lamak satampah kana bokor tambaga. Sanggeus baseuh tuluy dipeureut meumeueusan ngarah caina teu nyarak-clakan teuing. Cai nu nyambirat tina sela-sela ramo tuluy diusap-asepkeun kana buah bitisna nu geus harapa. Urat-uratna kaciri geus kalendor, da éta baé barang kausap, buah bitisna katémbong oyag bawaning ku péot jeung bareyé. Buuk camutmut bodas, halis ngajedig ngalindukan panon nu seukeut neuteup ka kuring, pok sasauranana pinuh ku kadaria:
“Nonéng, déngékeun aing rék ngomong. Aing geus leuwih ti sakali dua kali ngomong ka manéh, ngan teu di-waro baé. Ayeuna poma manéh ulah deuk ngarempak omongan aing, omongan kolot! Ku manéh kudu bener-bener dilenyepan méméh nangtukeun hiji putusan. Tapi kétang ari putusanana mah ngan hiji. Daék teu daék! Daék sukur, teu daék piraku! Da moal saha nu kudu nurut, iwal ti manéh! Ayeuna indung manéh geus nombro, geus teu bisa wala-kaya. Atuh aing geus sakieu nya kakolotan, geus mimiti loba nu karasa. Ayeuna mah geura urusanan indung manéh! Moal saha nu miara!” Bapa nganclomkeun deui lamak kana cuka lebu. Barang cengkat pok deui nyarita, “Nu matak Bapa ngeukeuhan téh Nonéng, meureun kaharti ieuh; pédah taya deui titaheun jeung sambateun!” Bapa sasauranana beuki laun, bari tungkul clom deui nganclomkeun lamak kana cuka lebu.
Kuring téh bungsu, anak awéwé ngan hiji-hijina; da lanceuk mah duanana gé lalaki. Nu matak lamun ka tukang-tukang kuring sering nolak kahayang kolot, geus rada tuman ti bubudak. Ari nu ditumanan téa sok leuwih kuat batan tumbal. Kuring gé sadar sotéh ayeuna geus kolot, geus anak-anak; baheula mah keur budak, wah bororaah inget ka dinya.
Kang Wikana, lanceuk kuring nu cikal, geus lila maot ninggalkeun pamajikan jeung budak satujuh-tujuh. Untung-na nu pangleutikna téh geus di SMP kelas 1, jadi teu saba-raha pikamelangeun teuing. Lanceuk kuring nu kadua Sudira, boga kénéh budak orok. Sanggeus Kang Sudira mangtaun-taun laki-rabi teu boga waé anak, tuluy pepegat-an; sakitu duriat mah sigana parahi gedé kénéh. Ngan ku lantaran Ceuk Omohna gabug, nya teu burug pegat katarik ku kamelang teu boga anak.
Sanggeus pruk kawin ka nu ayeuna teu wudu rendey, ngadirihdil méh sataun hiji. Bubuhan boga pamajikan ka paraw,an budak kénéh, meujeuhna mah anak atawa incuna.
“Énya aya téa mah lanceuk manéh anu di lembur, tapi da kasebutna anak lalaki, teu kaburueun nganjang-ngan-jang acan. Sakitu ngan saukur béda désa, moal matak mopo ku sakebatan leumpang, Jeung deui katimbang ku Bapa mah ...,” méméh bapa nganggeuskeun kalimahna, kuring geus némpas mantén.
“Apan tah aya nu deukeut! Jeungna deui apan Bapa gé terang, baréto kuring indit ka kota téh pédah hantem dijuju-rung ku Bapa! Malah Indung mah nepi ka ceurik-ceurik, sangkan kuring daék sakola ka kota. Ari ayeuna geus mang-taun-taun meunang kabetah hirup di kota hayoh digugujeg kudu mulang deui ka lembur. Mun kitu teu aya deui anak, hadé!” Kuring némbalan bari kuraweud haseum, paroman kerung jeung biwir ngawet. Barang kuring rék ngoléséd, pok deui bapa sasauran leuleuy:
“Ké heula, ulah salah ngarti! Apan ...!” méméh Bapa neruskeun omonganana kuring geus pok deui némbalan.
“Ari ngan saukur keur ngurusanan mah matak naon mun nyambat incu nu dareukeut ari Kang Sudira teu daék-eun mah! Barina ogé moal énya, ari ka anak awéwé bisa maksa, ari ka anak lalaki henteu?” Kuring ngomong téh rada nareundeut.
“Nu matak pédah manéh anak awéwé, teu nitah anak lalaki sotéh. Moal énya teu bisa ngabédakeun anak lalaki jeung awéwé, Cenah engké; hayang jeung keyeng ka kota deui, nya jig baé, geus puguh mah aing jeung indung manéh nyanghulu ngalér!” Bapa neuteup beungeut kuring, ngan kuring kalah ka tungkul bari ngomé tungtung kabaya.
“Tungguan aing bisi jaga ngarasa hanjakal teu ngurus-anan kolot. Bisi panasaran jeung kaduhung! Sing nyaah ka indung jeung ka bapa.”
“Enya ulah ngan kuring baé anak nu kudu mikanyaah ka kolot, tapi Bapa gé kudu nyaah ka kuring, ka anak Bapa! Ulah licik!” Palebah kecap ulah licik, kuring nyaritana rada dilaunkeun, ngan teu burung kakupingeun ku Bapa, teuing kabandungan tina kuwes biwir kuring kétah.
“Na kurang kumaha Bapa mikanyaah?” bapa ngaréng-hap jero pisan. “Ayeuna mah meungpeung Bapa jeung Indung harirup kénéh, geura urusanan! Bapa téh keur jagjag gé iraha jeung di mana teuing maké bet hayang digugulung jeung nyusahkeun anak?” Bapa ngahuleng, kuring kitu deuih. Watara jongjongan pok deui bapa neruskeun omong-anana, “Aing mah hayang sotéh geugeuleuh aing jeung Indung manéh, diberesihan ku manéh, ku anak awéwé!”
“Kang Sudira gé anak Bapa!” kuring ngabalieur, “anak sarua anak.” Kuring malik nyanghareup deui ka bapa: “Moal énya ari ngurusanan kudu ku kuring, ngan pédah kuring anak awéwé. Jeung barina ogé kuring mah lain embung ngurusananana, da éta mah kawajiban sugan nu matak Bapa keukeuh ogé; ngan nu sangeuk téh ti baréto gé cicing deui di lembur! Teu betah cicing di lembur téh teu betah. Asa di jero panjara! Kacipta keselna, cacakan ayeuna gé karék meunang tilu poé geus sakieu keselna, komo mun meunang bulan atawa aya taunna. Ti baheula gé kurang kumaha umangken jeung ngangajak ka nu jadi kolot, supaya milu ka kota sangkan kaurus. Ayeuna mah kieu baé, Bapa jeung Indung daék teu daék kudu kabawa ka kota; atuh kuring meureun jongjon ngurusananana, moal sumoréang pédah teu betah.”
“Embung, aing mah embung paéh di lembur batur; hayang di imah sorangan, di imah ieu!” Indung nu keur mépéndé kanyeri di kamar, némbrong barang ngadéngé omongan kuring kitu mah. Kasangeuk indung ninggalkeun lembur, leuwih gedé batan kasangeuk kuring ninggalkeun kota. Indung ngomongna paparegatan jeung sorana peura balas ngéhkéh batuk.
“Najan nu mulasarana sarua, tapi aing mah moal bisa ingkah ti lembur najan disungkal ku manéh gé!”
Sawatara jongjongan jep jempling taya nu ngomong. Bapa jeung kuring lila pahuleng-huleng, parahi néangan kecap nu sakira aya peurahan. Néangan kecap nu matih keur ngolo kuring sangkan léah daék tetep di lembur, jeung sabalikna sangkan bapa daék ngéléhan, puruneun dibawa ka kota. Ari kuring lain embung ngarti kana karipuh kolot nu geus teu walagri, ngan kumaha atuh da keur meujeuhna resep usaha di kota, muka sakola modiste. Kumaha ari peta nu betah, sok hésé disisilihan. Najan ayeuna kuring téh keur rarandaan, dibaturan ku anak tiluan keur sarakola. Lélé-ngohan sotéh lain teu hayang boga salaki, ngan kumaha ari matak rujit pikiran mah, mending hirup nyorangan, batan didua haté dipangnyandungkeun. Ayeuna mah atuh awak-awak ngalintuhan. Pikiran téh sok mun bisa ngurus anak jeung awak. Hirup ngandelkeun tanaga sorangan, teu burung imah pageuh, paké weuteuh jeung beuteung seu-beuh. Enya éta gé sok ngarasa éra téa mah mun pareng sakapeung aya nu nganaha-naha.
“Yeuh Nonéng, najan sakumaha nyaah jeung beuratna ka nu jadi anak, sakali ieu mah lain embung ngayunkeun, ngan sing nimbang baé ka Bapa jeung ka Indung nu geus teu walakaya. Nu jagjag ayeuna aya di anak! Tapi kétah ari luas onaman ka nu jadi kolot, nya heug baé! Cenah éta Bapa atawa Indung manéh geus nepi kana waktuna dipundut ku Nu Kagungan, moal énya sugan tatangga gé teu mangubur-keun ari teu baueun mah! Bapa lain embung ngayunkeun atawa teu nimbang kana karesep anak, ngan kumaha atuh da Bapa téh geus béda rarasaan! Indung manéh apan ituh geus sakitu buktina. Pikawatireun! Teu dipikawatir ku anak, rék ku saha? Lanceuk manéh, Si Sudira kabubuhan boga budak leutik, ngalongok teu notok sabulan sakali kitu gé dibaturan ku nu mawa budak leutik mah kalah ka matak picarékeun wungkul; ngadon heureuy jeung ngagandéng-an. Ari incu nu dareukeut, ngaranna gé incu, kalah ka resep ngaheureuyan aki-aki jeung nini-nini! Moal cara ku anak! Enya ku Bapa gé karasa jeung kawangwang kumaha tibelat-na haté nu jadi anak kana kabeurat di kota. Bubuhan geus mangtaun-taun betah-bumetah di kota. Saha nu teu resep atuh ngumbara di kota pinanggih jeung kasenangan lian ti Indung manéh mah. Anu matak waktu tadi Bapa sakitu jumurungna ka nu jadi anak supaya indit ka kota ninggal-keun lembur. Ayeuna Bapa téh taya deui puntanganeun lian ti anak, anak awéwé!” Bapa sasauranana hari melong leuleuy pinuh ku kadeudeuh ka kuring, anak awéwé nu jadi pa-ngeumbinganana. Kuring tungkul asa dipanah jajan-tung. Karasa kaasih bapa nyaksrak ka saluar awak.
“Yeuh Nak, sakali deui aing déngékeun! Ayeuna aing geus béda rarasaan, teuing poé teuing minggu ngan kari ngadago waktu!” Ngadéngé kecap bapa nu panungtung haté téh bet ngadak-ngadak nyeblak, tingsariak jeung nyéré-dét. Kuring neuteup beungeut Bapa pinuh ku pertanyaan. Kasieun jeung kalewang ngadareukeutan. Nempo kuring neuteup, Bapa males neuteup bari nyarita pinuh dareuda.
“Paménta Bapa nu kahiji, urusanan aing jeung Indung manéh! Nu kadua uruskeun kolom tanah indung manéh sésa ngabagikeun ka lanceuk-lanceuk manéh. Moal enya sugan teu cumpon ti dinya. Cenah engké di mana aing geus nepi kana waktuna kudu papisah jeung nu jadi anak: aya kénéh sésa ngurusanan jeung merbait aing .jeung indung manéh, kop éta kolom téh keur manéh! Tarimakeun, tanda tumarima aing ka nu jadi anak. Jeungna deui aing gé nyaho, manéh mah kakara kabagi saeutik, ngan saparona ti dulur manéh!”
“Kuring mah Pa, teu ngarep-ngarep warisan, ku dibéré pangarti disakolakeun ka kota gé, leuwih ti cukup!” Kuring nolak panawaran Bapa sieun disebut kadongdora daék gé pédah dibibita ku buruhan.
“Ieu mah cekéng gé tanda tumarima aing ka manéh. Keur mah kabagian pangsaeutikna, ari gawé sanghareupaneun lain énténg-énténg. Pék ayeuna mah geura sanggupan kaha-yang Bapa, da lanceuk manéh mah geus teu bisa diarep-arep bubuhan bogaeun budak leutik téa. Mangkaning Si Yoyoh nu panggedéna hayangeun neruskeun sakola ka SMP. Ayeuna mah uruskeun pagawéan, rupaning gawé kampung, gawé désa, atawa gawé naon baé paréntah jeung pundut-pundut ti ménak!”
“Na moal tombokeun kira-kirana Kang Sudira, lamun kuring kabéré deui tanah?” kuring nyelok Bapa, hayang nyaho jawabna.
“Tombok mah atuh kudu milu tombok kana gawéna heula. Ulah tombok pédah jadi anak lalaki, atawa saluhur-eun manéh. Jeungna deui apan manéhna mah geus ngaheula-keun, malah leuwih lega. Moal Si Sudira mah moal dibéré deui, barina ogé bet moal énya masih ngarep-ngarep kénéh warisan. Piraku iklaseun neungteuingan nu jadi adil!”
“Geuraheun Bapa téh! Boa ayeuna teu wanieun sotéh pédah aya kénéh Bapa. Kumaha mun engké di ahir maséaan?”
“Na bet maséaan sagala kawas ka saha baé! Béjakeun baé geus dibikeun ka kuring kituh. Tuh saksina indung manéh.”
Ti kamar kadéngé ku kuring, Indung nyalukan sorana peura paparegatan: “Nonéng, aing hayang kiih! Pispot kadieukeun!”
Méméh jung nangtung nyampeurkeun indung, nu su-mambat ménta tulung, kuring nyarita ka Bapa. “Bisi teu percayaeun, béjakeun baé ku Bapa ka Kang Sudira!”
Koléséd kuring indit, top kana pispot handapeun méja gigireun ranjang pangedengan indung. Sok di handap pale-bah pangturunan indung tina ranjang. Indung ku kuring dicekel pundukna jeung tonggongna ditanggeuy lebah walikat tuluy dihudangkeun. Teu lila kadéngé aya sora ngo-rolok kana pispot.
“Nonéng, cai keur ombéh!”
Bari manjurkeun cai kana cungcurungan indung, kuring nyaritakeun deui eusi omongan paménta Bapa bieu. Sang-geus menerkeun deui simbut, bari rumahuh bangun lungsé, pok ngomong paparegatan.
“Heueuh, kudu diturut deuleu ari omong kolot! Teurak omong kolot téh, bisa saucap nyata. Moal, moal aya nu kuat ngalawan amanat kolot mah. Ulah teuing dipaké pikir, kecap Bapa sia baé pageuhan!”
Sakumaha beuratna kuring ninggalkeun kota, ninggal-keun barudak nu keur sarakola di kota, kuring tungtungna éléh jajatén, léah, sadrah jeung pasrah kana kahayang kolot. Komo barang yakin yén lain ngan kahayang Bapa atawa kahayang Indung wungkul, tapi kahayang duanana.
“Omat Nonéng, manéh ulah leutik haté pédah kabagi waris pangsaeutikna jeung teu pati léndo. Da ari warisan mangpaat henteuna gumantung kana panarima jeung pangraksa nu nampana!” Indung ngalelemu haté kuring. Kuring ngajawab téh béda jeung nu karasa dina ati.
“Aya gé atuh sésana, teu dibéakkeun ku Indung jeung Bapa, untung téh teuing!” ceuk kuring bari ngaléos ti kamar Indung, nyampeurkeun deui Bapa.
“Heueuh harayang lega atawa leuwih loba mah guna-keun waé atuh pangarti jeung akal. Da aing gé baheula ku nini-aki manéh téh sasat teu diwaris samak saheulay, piring sasemplék-semplék acan. Ulah cara lanceuk manéh, teu pisan mikir, dibéré sakitu téh sakitu kénéh baé taya pisan émbohna mun lain bawa pamajikanana nu ayeuna mah!”
“Nya ari kudu-kudu teuing mah, sugan baé saperti ba-heula waktu kuring nampa tugas ti Bapa waktu dikeukeuh-an kudu indit sakola ka Jakarta.” Ras kuring inget ka waktu harita sakitu taun ka tukang haté téh asa rada kaupahan, da baheula gé horéam jeung sungkan sotéh méméhna; ari geus aya bulanna mah di kota teu burung betah. Kaciri paroman Bapa semu marahmay, teu lila pok nyarita:
“Sukur geus kapikir mah, aya itu ieu mah kabeurat di kota dibawa gé hadé!”
“Har ari Bapa ku araranéh; na maké kudu dibawaan sagala apan aya budak keur sarakola nu nungguanana mah. Kuring mah melang sotéh ka barudak, heug piindung kabéh.”
“Ih heueuh! Dititah dibawaan sotéh bawaning sieun manéh ka kota deui. Iraha cenah budak téh peréna? Ku asa geus lila teu balik-balik. Sabaraha taun deui cenah sakolana téh?”
Dina wangwangan kuring, aya deui di lembur téh lain keur salilana mangkuk deui reureujeungan jeung kolot, tapi samentara salila Indung jeung Bapa saméméh jaragjag deui saperti bihara-bihari. Di mana geus aya kasempetan bisa ninggalkeun Indung jeung Bapa tangtu kuring gancang melesat deui ka kota. Kasempetan éta nu ku kuring teu weléh dianti-anti. Leuwih gancang éta kasempetan aya, bakal leuwih gancang kakesel kuring cicing di lembur leungit.
Ti harita sanggeus kuring nyelang heula ngalongok budak ka kota, sarupaning pagawéan ditangkes ku kuring. Boh pagawéan sapopoé di imah, boh pagawéan dines pama-réntahan ti désa. Malum di kampung sagala kudu ti rayat, jeung sagala kudu ku rayat. Boh nu énténg boh nu bangga, dibélaan muruhkeun ka nu lian.
Geus meunang sataun satengah kuring ngaringkuk di lembur, ngagugulung indung. Kasempetan nu didago-dago can kénéh baé aya. Kakesel teu daék leungit, anggur kalah ka beuki teu betah. Kadua taunna Bapa gering parna, nepi ka dugna pisan maot. Maot miheulaan Indung, nu ceuk pa-ngira Bapa mah tangtu bakal leuwih ti heula Indung ning-galkeun Bapa. Jeung kitu deuih panyangka kuring, sarua jeung panyangka umum batur salembur, nu boga panyang-ka tangtu bakal Indung heula nu maot téh. Da éta baé Indung mah geus lila jeung geus remen digugulung gering payah nepi ka sagala cukup ku dipigawé dina kasur. Kawantu hudang dihudangkeun, ngedeng dikedengkeun. Dahar kudu dihuapan. Na ari Bapa ngan sakali gering payah teu menyat deui. Nya éta atuh ari pangersa Nu Maha Kawasa, bet teu mungguhan pédah geus parna, teu mungguhan pédah keur jagjag. Teu eweuheun nu maot ngadadak alatan titajong. Cara ieu dina pangira Bapa mah, malah ceuk pangira Indung pisan, akur nyangkana téh tangtu bakal Indung heula. Atuh urang lembur nya kitu rata-rata baroga sangka bakal téréh kaleungitan ku Indung kuring.
Mungguhing adat, gedé leutikna jeung luhur handapna martabat nu maot sok diukur ku gedé leutikna salawat, rongkah henteuna hajat papatén, tiluna, tujuhna, natus katut néwuna; geus puguh ari runggunukna suguh mamaleman tahlil mah jadi ukuran langsung. Dina jero saminggu, ra-rasaan téh asa keur pésta. Nu mantuan tahlil pinuh-pinuh baé, nu ngalayad loba teu petot-petot nepi ka waktu ma-tangpuluh. Puguh baé teu cukup ku munding hiji jeung situ bedah, hayam jeung embé gé kudu milu béla, lir nu labuh tumangan ka dunungan. Lucuna Ki Lanceuk, Kang Sudira nepi ka kanyenyerian duméh teu kabagi ati embé jeung tunggir hayam nu jadi kabeukina. Mutuhna dibélaan salingkuh, nyumput-nyumputkeun daging disélongkeun ka tatangga.
Nu maot di kamakamkeun, nu ditinggal récok dalahar, ramé balakécrakan parebut kuah jeung bébécék. Lain jalma baé nu paguralang di imah téh, dalah sato-sato gé milu kumpul kawas datang ngalayad. Kayaning ucing pating alaor, anjing gagégog gulung jeung pada baturna. Budak ceurik inghak-inghakan teu kabagi tulang, patémbalan jeung anjing nu kokowongan ditinggang rancatan pédah maok tulang. Di luar deukeut ubrug, budak ceurik dede-ngékan bitisna dipacok hayam pédah aya réméhan. Boh jalma boh anjing ramé pada parebut, ngan nu béda téh jalma mah parebut waris jeung daging, ari anjing jeung ucing parebut tulang.
Merbait Bapa lain waragad leutik-leutik, geus teu ka-catet dina ingetan, bawaning ku loba-lobana; boh loba rupa-na boh loba jumlahna. Béya keur gering saméméh maot; béya dina dugna maot; dina tiluna, tujuhna, tahlil jeung natusna. Pangna kitu téh taya lian ngan sieun ku omong jalma, nu sok biasa boga kacapangan pangarahan. Majar-keun téh: kawas euweuh baé titinggalna, maot téh mani euweuh pisan nu milu béla.
Ngurusanan jeung ngaladénan Indung, leuwih répot ti ngurus Bapa. Lantaran kahiji Indung mah geus teu awas, panon duanana geus pareum pisan. Geus teu bisa ngabéda-keun beurang jeung peuting ari lain ku dédéngéan mah. Sebut cageurna téh ngan ukur bisa candukul jeung saka-peung hayang ngalong dina bangbarung. Ceuk rarasaanana ngalong sotéh da buktina mah ngalong dirampaan ku leungeun, disasaran! Diinget-inget jeung dibanding-ban-ding jeung kaayaan baheula keur jagjag waringkas. Sigana lamun geus inget ka dinya, indung téh kagagas, panonna tuluy beueus, rambay cimataan. Mangkaning cimata nu geus hésé saatna, tungtungna kedal lisan ngarasula.
“Ah Nonéng, tinimbang dikieu-kieu mah mending buru-buru nuturkeun Bapa manéh baé!” Tara, kuring, téh tara némbalan; teu nyaho kudu kumaha némbalanana, némbalan lndung, nu geus putus asa.
Nu katilu kaduana nu jadi bangbaluh téh, umur nu geus genep puluh tilu taun. Keur mah panon geus teu awas, ka-tambah ku meunang umur, da geus leuwih ti welasna nu nyebut Nini. Ari sipat Nini nu geus jadi nini-nini téa, sok malik ka budak. Bubudakeun jeung delitan.
Kuring keur budak, kasebut pangdiogona ku indung; bubuhan bungsu katambah ku budak awéwé ngan hi,ji-hijina, asana teu ogo-ogo teuing kawas indung ayeuna. Sakapeung sok padelit-delit, ngan ayeuna mah teu hadé kitu, nya tungtungna kuring nu kapaksa kudu ngéléhan teu cara baheula Indung nu salawasna kudu ngéléhan.
Anu katilu anu ngamomotan kuring téh indung geus ompong, ari beuteung teu paya kosong, sok gancang nyen-tak. Puguh waé lain pagawéan énténg-énténg ngurusanan Indung dina kaayaan kitu téh. Talung basa ngurus pasén di rumah sakit, bisa gegentén. Ari kuring mangtaun-taun jadi “jururawat” sasat teu bisa ninggalkeun imah sapoé-poé acan. Mun enggeus mah moal boa sarua jeung nu dibui. Kuring awéwé ngora karék boga anak tilu rarandaan. Awak beuki kusut. Anak satilu-tilu uruseun jeung béayaaneun, piraku kudu resep cicing di imah ngurus waé nu gering. Tatamba mah tatamba-kampung nepi ka béak panasaran, da ari rék dibawa ka rumah sakit mah embungeun pisan Indung téh. Basana mending paéh di imah, batan maot disuntik doktor. Keur mah désa kuring téh jauh ka kota, teu aya poliklinik-poliklinik acan nu matak merenah lamun rayatna teu warawuheun jeung doktor téh.
Ti harita, ti waktu kuring balik ka lembur, lamun diban-dingkeun aso jeung nombrona, antara cageur jeung geringna Indung kuring, loba kénéh geringna. Nu matak kaharti lamun awakna beuki regéng, ngaleupeut kari kulit jeung urat tingalawir. Najan sakumaha teu betahna aya di imah unggal poé taya deui pilihan pikeun kuring iwal ti kudu ngurus enya-enya, da deungeun-deungeun mah saprak Bapa maot beuki ngajarauhan.
Kituna mah deungeun-deungeun ku daék, cacak anakna sorangan gé pédah rada jauh, misah désa, leuwih katalian ku pamajikan manan ku Indung nu gering. Ari incu, nga-ranna gé incu, najan deukeut, teu kalis ku nyebut répot. Paingan ceuk Bapa, sakitu teuasna mépélingan, yén moal aya deui nu pingurusaneun lian ti kuring anak awéwé.
Watir aya, nyaah jeung deudeuh aya; kaséwot jeung kakeuhcul ogé sering timbul, ku tina kesel jeung rudet. Wuwuh watirna lamun kuring seug kudu ngamandian, awakna bareyé, ceg tulang, ceg tulang. Padahal najan di nu sakumaha begangna gé ari dina bujur mah sok aya baé da-gingan; tapi ari ieu mah cungcurungan nyalohnyor, tulang-tulang nalonggérak. Lamun geus nempo dadana, susu raket jadi rata jeung kulit, iga baris nalonggérak, ujug-ujug siak bulu punduk muringkak, awak carucukan kukurayeun. Kituna téh meureun haté kuring miheulaan nyangka nu lain-lain. Baheula mah kuring gé asal tina beuteung Indung, na ari ayeuna beuteung siga rék raket jeung tulang tonggong. Keur ngora mah lndung téh rosa, taya pagawéan nu dipi-seunggah, banting tulang digawé pohara wekelna; ari ayeu-na geus kieu bet siga teu bisa nulungan geuning ladang hésé capé téh? Dipikir-pikir mah ngabélaan nanahaon, po-pohoan kana gawé téh? Da masing henteu dug hulu, pet nyawa ogé, piraku sugan Indung téh teu manggih dahar! Lamun ditanya ku kuring naon sababna pang Indung geus digawé sakitu rosana, jawabna téh taya lian ngan makaya-keun anak; bisi anak teu manggih dahar. Ari anakna apan kuring jeung dulur kuring. Ceuk napsu mah masing teu diwaris ku kolot sawah sakotak, kebon sarorog ogé asana mo burung hirup-hurip. Da enggeus ieuh disakolakeun, di-jurung nyiar pangarti. Indung nu teu sakola kawas kuring, geuning buktina bisa lega sawah lega kebon. Piraku kuring teu bisa! Tapi kitu meureun mungguhing kanyaah nu jadi kolot ka nu jadi anak. Padahal kuring mah nyaah ka nu jadi kolot téh asa teu kitu-kitu teuing.
Inget kana wasiat ti Bapa, ngarasa kana kanyaahna nu jadi Indung; katarik ku kawajihan anak buméla ka nu jadi kolot; jcung nempo sakitu lahiriahna nu jadi Indung geus ngagolér, taya deui piliheun iwal ti kuring kudu sakuat tanaga ngurusanan nu jadi Indung. Ngan anéh kakesel cicing di imah mah teu daék leungit. Beuki dieu Indung katem-pona siga beuki répot. Teuing kaleleban teuing tariking duriat, da saeutik-eutik téh lamun kuring nyaritakeun manggih kasusah, sok humandeuar.
“Mun téa aya kénéh Bapa sia ...!” kituna téh bari tuluy ngalimba.
Kawasna nu jadi lanceuk jeung alo téh sanggeus ditolak kahayangna ku kuring waktu maranéhna ménta bagian tina kolom indung titinggal Bapa, jadi neuteuli. Da buktina heuleut sawatara poé ti harita, kuring dipanggil ka Balé Désa. Datang ka Désa, baralang Kuwu nyarita, majar di-pinangsaraya ku Sudira jeung Wirja—alo kuring—, mak-sudna hayang dipangduakeun tanah titinggal Bapa.
Saparo keur lndung jeung kuring, saparo deui didua-keun ku Sudira jeung Wirja. Sanggeus kuring nyaritakrun kumaha dudukna éta kolom tanah titinggal Bapa sésa ngabagikeun, Kuwu weléh teu daék ngarti.
“Kula téh Kuwu, kapala di ieu desa! Sakitu lilana kula jadi Kuwu tacan kungsi manggih aya saurang rayat kula nu mungpang kana kahayang Kuwu, kahayang Pamarén-tah! Ari ayeuna, keukeuh waé Nonéng moal nurut?” ceuk Kuwu ngggebrag méja bari molotot. Untung kuring téh kungsi sakola jeung ngumbara di kota. Keur naon sakola mangtaun-taun di kota ari kudu geumpeur ku panggebrag sakitu mah! Kuring nyarita tenang tapi tatag, ngan haté kebek ku kakeuheul; pok kuring ngajawab:
“Teu, kuring mah henteu satuju! Moal narima, moal nampa!”
“Naha?” Kang Sudira ngomongna tarik neundeut; alo Wirja curinghak jeung mendelik, ka kuring bangun séwot. “Kuring mah mageuhan kecap Bapa! Lantaran keurna Bapa hirup kénéh anak kabéh katut Indung geus parahi boga bagian. Ceuk Bapa, Kang Sudira mah moal dibéré deui da geus lega. Komo alo, bagian ti mana? Na teu karasa geus diwaris ku kolot, ku Bapa baréto? Moal énya, bro deui ka dinya, bro deui ka dinya! Sing boga rasa waé atuh saeutik mah!” ngahaja kuring ngomong nyanghareup ka lanceuk jeung ka alo. “Anak tunggal anak; paméré tunggal paméré. Bakti mah anak ka nu jadi kolot, naon leuwihna ti kuring.” Tuluy kuring malik deui ka Kuwu, ngomong rada sindir sampir.
“Iraha cing kuring mungpang kana kapalay Bapa Kuwu ari bener mah?”
“Na ari ieu teu bener kitu?”‘ Kuwu boncérét.
“Nu matak ku kuring teu ditampa ogé atuh, pédah naon? Tadi ku kuring diterangkeun, yén ceuk Bapa éta nu sakolom téh lain keur sasaha; tapi keur nu mulasara In-dung. Sarta lamun aya sésana lain keur alo, lain keur lanceuk. Ayeuna Indung, pamajikan Bapa kuring apan hirup kénéh. Piaraeun, urusaneun jeung tambaaneun. Héh teu boga kaéra ... hayang kana warisanana wungkul!” Kuring napsu, “Mun rék ngarasa tombok gé kuring, lain alo!”
“Ngajedog siah montong ngabacot, bisi di... !” méméh lanceuk neruskeun omonganana kuring geus némbal man-tén. Kang Sudira rék nantung, ngan kahalangan ku bangku tungtungna ngan huntu waé pagérét.
“Yeuh Pa Kuwu bisi kuring bohong, tuh saksina Indung kuring. Atuh bisi teu percaya kénéh, tuh saksina ngajarentul tatangga; aya kiai, aya ustad! Moal énya kiai ngabohong!”
“Kieu atuh ayeuna mah, ngarah ulah kapapanjangan, tanda waé heula ieu surat perjangjian; ngarah engké di mana Indung maot teu hésé deui!” ceuk Kang Sudira teu kireum-kireum.
“Jeungna deui, ari jeung dulur kudu rempug ragem.” Kuwum ngangklokan.
“Rempug gé atuh rempug nu mana Pa Kuwu!” omong kuring bari ngoléséd tina korsi; bari ngaléos pok kuring pamit: “Mangga atuh permios! Di imah gé teu kurang pigawéeun; geus puguh Indung uruseun.”
Di jalan leumpang téh asa kokoléangan; asa nincak asa henteu. Ceuk gerentes haté, mun téa aing lalaki, moal teu dilayanan tah panangtang Kuwu jeung lanceuk téh. Ieu mah abong kena ka aing awéwé maké wani nembrag méja, buka mata bari curuk tutunjuk nuding tarang. Harita mah hanja-kal kuring lain lalaki, meureun kuring téh moal kungsi medal sila.
Datang ka imah kuring ngagoloyoh nyampeurkeun In-dung nu geus ngahéro ngadagoan kuring. Ku kuring di-caritakeun deui sakumaha kaayaan jeung kajadian di balé désa tadi. Ari Indung kuring dicaritaan kitu téh kalah malik mapatahan, mépés amarah kuring nu ngagugudug.
“Geus ulah dijieun nyungkelit ati, kecap Bapa sia baé kukuhan. Mana kitu gé geus nyapirakeun aing! Geus teu ngahargaan ka aing! Pédah aing geus numpra teu walakaya. Abong ka nu lolong!” Indung ngarénghap jero pisan.
“Pertahankeun Nak sakuat-kuat, ku aing didungakeun tina pangedengan! Sakitu aing aya kénéh ogé usak-usik, didéngé-déngékeuneunana téh komo lamun geus euweuh! Ayeuna ka manéh geus wani tingarédég! Aing hayang ulah ngadéngé deui omongan anu saperti kitu, Nonéng, aing hayang kiih, di mana pispot?” Bari anggalésoh menerkeun pispot, pok deui Indung neruskeun omonganana paparegat-an, kawantu nyarita paselang rahuh.
“Aing paéh embung di mana-mana; hayang di dieu, di imah ieu anu jang manéh Nonéng,!”
Ngadéngé sora angin nebak dangdaunan sakurilingeun imah, jeung kadéngé sora ucing aor-aoran, di tukangeun imah nimbulkeun rasa nu beda ti sasari. Harita kuring méh teu ludeng cicing, di imah sorangan nungguan Indung saperti biasa. Nya kapakya ménta dibaturan ka tatangga nu daékeun maturan peuting éta! Kang Oyo jeung Bi Murkilah. Geus rada peuting, bada Isa lanceuk kuring Kang Sudira datang. Kawasna baé tas ti balé désa tadi beurang teterusan teu balik heula ka imahna.
Mang Oyo meunang sabaharaha balikan mangajikeun Yassin, sorana haroshos jeung rada ngosom sari-sari balélol, kawantu geus ompong teu bisa mendet sora ku huntu. Ari Bi Murkilah sipat bibi ti gigir, ngecewis baé babacaan bari ngalenggut milang tasbé. Ari Kang Sudira mah nyarandé kana tihang tengah imah bari sila tutug ngelepus udud.
Waktu Mang Oyo mangajikeun Surat Yassin, kasieun kuring beuki ronghok jeung beuki ngadareukeutan. Naon sabenerna anu dipikasieun ku kuring harita, teu bisa nerang-keun; ngan nu sidik kuring tingsariak awak. Kuring maksa-keun babacaan nurutan Bi Murkilah, ngan teu daék husu, da kabéngbat ku kasieun. Komo barang nempo Indung geus ngabeleng teu beunang ditanya, ngalempréh teu obah-obah jiga taya nu nyeri, kawas nu ngeunah tumaninah, ngan panonna gular-giler jarero pisan.
Ngadéngé nu husu mangajikeun, nu ngecewis babacaan, kolesed Kang Sudira ngudar sila tutug, ngaharémpoy maju ngadeukeutan lndung, Indung kuring. Anéh Indung téh kawas nu cénghar, nyahoeun aya nu ngadeukeutan. Panon-na jiga jadi buringas, rindatna kawas nu galak, cacakan panon geus teu awas. Rampayak, kék nyekel leungeun Sudira, lila mencrong, jiga nu hayang ngajugjugan, ngalele-kan haté Sudira; ti dinya pok nyarita anca.
“Ka dieu Dira sing deukeut! Jeung manéh Noneng, sing deukeut ka aing!” Rada lila Indung téh ngahuleng kawas nu keur néangan piomongeun saterusna.
“Nonéng!” ceuk Indung ngomongna tarik. “Cing aing papatahan jampé paéh; ambéh lanceuk manéh Si Sudira téréh nampa warisan. Karunya keseleun ngadagoan!”
Kuring teu némbalan, ngan ukur bisa ngajawab ku cimata nu murubut maseuhan dada Indung.
Ti harita teu bisa ngadéngé sora lndung, iwal ti sora Kang Sudira nu ngagukguk ceurik balilihan kawas nu pohara kanyenyerianana. Jeung ti harita kakesel nu mang-taun-taun ngukuntit haté kuring, leungit teu sakara-kara.
(Carita sedih keur pun adi: Ice Sutari)
1 5 Januari 1967
This entry was posted
on Senin, 17 November 2008
at 01.32
and is filed under
Carpon
. You can follow any responses to this entry through the
comments feed
.